Soal Latihan Penilaian Akhir Semester (PAS) Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun 2020/2021


Berikut ini contoh soal latihan Ulangan Akhir Semester (UAS) atau Penilaian Akhir Semester (PAS) Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun 2020/2021.

Baca cutatan dongeng ieu di handap, tuluy jawab pananya ti nomer 1 nepi ka nomer 6!



Kampung Pulo
SOAL LATIHAN DAN JAWABAN UAS BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1


          Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.
          Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.


1.    Kampung Pulo ayana di daerah ....
a.   Bandung
b.   Tasikmalaya
c.   Sumedang
d.   Garut


2.    Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ....
a.   15
b.   16
c.   17
d.   18

3.    Di kampung Pulo aya nelah situ ....
a.   Bagendit
b.   Cangkuang
c.   Karamat
d.   Pulo

4.    Sanajan aya candi, masarakat kampung Pulo ngagem agama ....
a.   Islam
b.   Budha
c.   Hindu
d.   Kristen

5.    Mulih ..., Bu ?
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a.   ti mana
b.   ka mana
c.   ka dinya
d.   ti dinya

6.    “Nabil diuk ... korsi.”
Kecap pangantet pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a.   ka
b.   dina
c.   tina
d.   di luhureun


Berikut ini contoh soal latihan Ulangan Akhir Semester (UAS) atau Penilaian Akhir Semester (PAS) Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun pelajaran 2020/2021


Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 7 nepi ka nomer 10!

Yuni  : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?
Nina  : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola
Yuni  : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?
Nina  : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah
  minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?
Yuni  : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak
Nina  : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?
Yuni  : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi



7.    Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ....
a.   latihan kanggo pasanggiri
b.   ulin ka sakola
c.   latihan drama
d.   rek aya pagelaran wayang

8.    Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ku ....
a.   obrolan keur diskusi
b.   obrolan nu dilakukeun ku saurang
c.   tanya jawab nu dilakukeun di sakola
d.   obrolan anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

9.   Dina wacana di luhur, saha anu rek miluan pasanggiri maca sajak ?
a.   Bu Susi
b.   Yuni
c.   Nina
d.   Dadan

10. Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?
a.   Bu Eli
b.   Bu Susi
c.   Bu Tuty
d.   Dada


Berikut ini contoh soal latihan Ulangan Akhir Semester (UAS) atau Penilaian Akhir Semester Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun pelajaran 2020/2021

Baca sajak di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 11 nepi ka nomer 14 !

Kampung Naga
Nurugtug mudun nincak hambalan
Jaman geus dirobeda
Malipir sisi-sisi Ciwulan
Jog, tangkal ngajenghok
“Geuning taya bedana jeung urang ?”
          Kampung Naga, cenah saur guru mah maket
          Gambaran kahirupan masarakat urang
          Nu dek kadesek modernisasi
          Tepi keueung keneh lamun teu nurut ka karuhun
          Kabuktian tina hateup jeung model wangunan
          Tapi geus aya antene tivi-an
Kampung Naga, pasawahan, Ciwulan mun caang bulan
Tingkaretip lampu tempel nu kudu di kemitan pamuda
Naha bakal teu kabita
Ku listrik nu hemat energi ?

11. “Nu rek kadesek modernisasi”. Saha nu rek kadesek ku modernisasi dina eta ungkara teh ?
a.   Urang kampung Naga
b.   Pasawahan jeung walungan Ciwulan
c.   Pamuda urang kampung Naga
d.   Gambaran kahirupan urang

12. Naon nu dicaritakeun dina eta sajak ?
a.   Kahirupan anu basajan
b.   Nyawang walungan Ciwulan
c.   Meuweuhna modernisasi
d.   Kudu hemat listrik

13. Kumaha rasa pangarang nu kagambar dina eta sajak ?
a.   Bungah
b.   Gumbira
c.   Inggis
d.   Sabar

14. Dina sajak di luhur aya ungkara. “Naha teu bakal kabita”
Kabita kunaon maksud pangarang dina eta ungkara teh ?
a.   Kana kabasajanan urang kampung Naga
b.   Ka lembur singur saperti kampung Naga
c.   Ka pasawahan jeung Ciwulan di mana caang bulan
d.   Ka listrik nu hemat listrik




Berikut ini contoh soal latihan UAS atau PAS Semester Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun pelajaran 2020/2021

Baca pupuh di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 15 jeung nomer 16 !

Asmarandana Lahir Batin

Eling-eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
napsu matak kaduhung
badan anu katempuhan

Jisim nu ngarasa nyeuri
raga nu ngarasa lara
hate nu ngarasa cape
hareudang nyandang wiwirang
purwa perbawa hawa
iyub sumaah takabur
ria ku panggoda setan

15. Sabada maca pupuh di luhur, watek eta pupuh teh nyaeta ....
a.   gumbira
b.   prihatin
c.   nasehat
d.   silih asih

16. Diwangun ku sabaraha padalisan pupuh di luhur teh ?
a.   8 padalisan
b.   8 engang
c.   7 padalisan
d.   7 engang
17. Dina usum ... mah loba sawah kagaringan.
a.   ngijih
b.   hujan
c.   sasalad
d.   halodo

18. Dua poe nu bakal datang nyaeta ....
a.   kamari
b.   isukan
c.   mangkukna
d.   pageto

19. Babasan anu hartina bodo tapi daek tatanya nyaeta ....
a.   bodo katotolojoh
b.   buntut kasiran
c.   bodo alewoh
d.   handap asor

20. Kalimah mana anu merenah undak-usuk basana, nyaeta ....
a.   Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota
b.   Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade mios ka luar kota
c.   Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota
d.   Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade mios ka luar kota

Berikut ini contoh soal latihan UAS atau PAS Semester Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun pelajaran 2020/2021

Baca sajak di handap, tuluy jawab pananya  ti no. 21 nepi ka 22 !

Wawaran
Karya : Gustini Rohmayanti

Alam ngamuk
mahekeun sagala eusina
bongan manusa
teu bisa wae ngajaga
Bumi oyag
murahkeun sagala rupa
bongan kalakuan jalma anu teu bisa ngajaga
Jelema pating jarerit
neda pitulung
neangan tempat nyalindung
salian ka indung

Hanjakal …
manusa teu sadar
puguh eta wawaran ti Gusti urang

21. Naon anu dicaritakeun dina sajak “Wawaran” di luhur ?
a.   kaayaan alam anu endah
b.   jelema anu pating jarerit
c.   jelema anu keur menta tulung
d.   bencana alam

22. Ceuk sajak di luhur, naon anu ngalantarankeun alam ngamuk ?
a.   kajadian alam anu geus lumrah
b.   kajadian alam anu biasa wae
c.   kalakuan jalma anu hade pisan dina ngajaga alam
d.   kalakuan jalma anu teu bisa ngajaga alam

23. Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Welas Asih, anu parantos maparin kasehatan rehna dina dinten ieu urang tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di ieu patempatan dina kaayaan sehat walafiat.
Ungkara basa di luhur sok aya dina acara ....
a.   debat
b.   panutup
c.   wawancara
d.   bubuka biantara

24. Gaya basa ocon disebut oge gaya basa ....
a.   eufimisme
b.   metanomia
c.   personifikasi
d.   hiperbola

25. Tulisan anu midangkeun hasil telaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus dimuat dina media massa disebut ....
a.   esey
b.   artikel
c.   carpon
d.   wawaran

Berikut ini contoh soal latihan UAS atau PAS Semester Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun pelajaran 2020/2021

Baca carita di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 26 nepi ka 27!

NYIEUN KECAP

          Can kungsi aya dina cap botol kecap ditulis nomer dua, nomer tilu, jeung saterusna. salawasna nomer hiji. Pabrik mana wae pasti nyebutkeun yen kecap jieunanana minangka kecap nomer hiji, panghadena, jeung pangngeunahna.
          Bisa jadi nu daragang kecap mah moal ngarasa hariwang risi daragang kecapna mubajir jadi runtah, lantaran teu laku. Dagang kecap mah bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah butuh ku kecap.
          Teu kitu kumaha, lantaran loba kaolahan anu kudu make kecap. Nyieun sangu goreng, semur daging, orek tempe atawa tahu, jeung sajabana. Munasabah lamun kecap ge kaasupna minangka samara asakan “penyedap rasa” anu teu kurang perluna, teu beda jeung bawang, tomat, pecin, uyah, jeung nu sejenna.

26. Wacana di luhur maparkeun ....
a.   prak-prakan nyieun tempe
b.   prak-prakan nyieun sangu goreng
c.   prak-prakan nyieun kecap
d.   prak-prakan nyieun semur daging

27. Kaolahan naon wae anu biasa sok dikecapan teh ....
a.   semur daging, orek tempe, semur jengkol, sangu goreng, jsb
b.   rendang jengkol, pais lauk, sangu goreng, orek tempe, jsb
c.   semur daging, sayur haseum, semur jengkol, sangu goreng, jsb
d.   semur daging, orek tempe, sangu goreng, pais oncom, jsb


28.       Maneh mah mapatahan soal mesin ka Insinyur mesin, sarua jeung ....
a.   goong nabeuh maneh
b.   hulu gundul dihihidan
c.   lodon kosong ngagelentrong
d.   mapatahan ngojay ka meri

29. Basa anu digunakeun dina surat resmi nyaeta basa ....
a.   gaul
b.   loma
c.   sedeng
d.   ringkes tapi jelas

30. Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ....
a.   prolog
b.   dialog
c.   palaku
d.   monolog

31. Ciri carita pondok teh nyaeta ....
a.   palakuna loba
b.   setingna di mana bae
c.   temana ganda
d.   diwangun ku hiji kajadian utama

32. Nu disebut guguritan teh nyaeta ....
a.   karangan pondok anu diwangun ku hiji kajadian utama
b.   karangan pondok anu disusun make patokan pupuh
c.   karangan pondok anu diwangun ku sababaraha kajadian utama
d.   karangan panjanganu disuusn make patokan pupuh

33. Nu disebut guru lagu nyaeta ....
a.   tiap-tiap kalimah atawa jajaran nu ngawangun pada
b.   katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan
c.   katangtuan purwakanti sora dina tungtung padalisan
d.   pasipatan nu dipibanda ku hiji-hijina pupuh

34. Warta anu ditulis dumasar kana ... nu aya di lapangan.
a.   rekaan
b.   carita
c.   fakta
d.   hayalan

35. Kade ulah antel kana ... anjing, najis !
a.   sihung
b.   bangus
c.   siih
d.   tulale

36. Kecap anu salah makena aya dina kalimah ....
a.   Iraha mulih ti Bandung, pa ?
b.   Pun biang wengi tadi teu damang repot
c.   Abdi udur tos sapuluh poe
d.   Enjing abdi bade mulih ka Sukabumi

37. Dupi Bapa iraha bade mulih teh ?
Kalimah di luhur teh ngandung harti ....
a.   ngajak
b.   nanya
c.   marentah
d.   nyarek

38. Hutbah kudu komunikatif, maksudna ....
a.   ngagunakeun basa anu baku
b.   ngagunakeun basa anu merenah jeung jelas
c.   ngagunakeun basa gaul
d.   ngagunakeun basa nu modern

39. Bakating ku tunduh ... manehna sare dina korsi.
a.   guher
b.   clak
c.   am
d.   bus

Berikut ini contoh soal latihan UAS atau PAS Semester Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 tahun pelajaran 2020/2021

Baca cutatan novel di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 40 nepi ka 41 !

          Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling ka waktu bihari, waktu manehna hirup senang.
          Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang ngongkrong. Eh, naha ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”
         
40. Cutatan tina novel naon carita di luhur teh ?
a.   nu ngageugeuh legok kiara
b.   misteri haur geulis
c.   patepung di Bandung
d.   budak teuneung

41. Pangarangna teh nyaeta ....
a.   Dadan Sutisna
b.   Samsoedi
c.   Tatang Sumarsono
d.   Narti Suparti

42. Kagiatan tukeur pikiran pikeun maham kana hiji pasualan nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan atawa solusina, nyaeta ....
a.   pedaran
b.   bahasan
c.   sawala
d.   biantara

43. Anu disebut pangjejer sawala teh nyaeta jalma anu jadi ....
a.   pamilon sawala
b.   mairan pasualan
c.   nepikeun jejer
d.   nyatet pasualan

44. Dramatisasi sajak nyaeta ....
a.   drama wangun ugeran biasana paguneman teh dina wangun puisi
b.   drama wangun lancaran biasana dibaca atawa diucapkeun dina basa lancaran
c.   drama tina wangun pupuh biasana ditembangkeun
d.   drama teu ngagunakeun dialog, tapi ngungkabkeun carita teh ku tari

45. Lalakon drama biasana dibagi sababaraha ....
a.   bagian
b.   babak
c.   ronde
d.   episode

46. Pilih mana anu kaasup kalimah resiprokatif !
a.   Dede jeung Ujang keur parebut cocoan
b.   Dudus keur make sapatu
c.   Mang Endang keur sibeungeut di pancuran
d.   Tatang gegetret wae titatadi

47. Rarangken hareup pada- anu ngandung harti “loba anu migawena” nyaeta ....
a.   padameuli
b.   padageulis
c.   padalucu
d.   padakasep

48. Kecap serepan tina basa Cina, diantarana ....
a.   mih, baso, cengkeh, loteng, tauco
b.   baju, bedil. cameti, martil, peti
c.   adus, dusun, kulem, lali, sasih
d.   ajaib, dunya, gaib, hakim, hak, imam

49. Rarangken tukang –na  anu ngandung harti “waktu” nyaeta ....
a.   bapana
b.   indungna
c.   sawahna
d.   tujuhna

50. Lanceukna pinter.
Adina bodo.
Lamun dihijikeun jadi ....
a.   Lanceukna pinter, sabab adina bodo
b.   Lanceukna pinter, jadi we adina bodo
c.   Lanceukna pinter, tapi adina mah bodo
d.   Lanceukna pinter, sanajan adina bodo

Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 1 nepi ka nomer 3!

Galang       : Ki, basa poe Minggu kamari ka mana ? Galang ka bumi Diky, tapi teu araya.
Diky  : Puguh Diky mah piknik ka Cimanggu, ka Pamoyanan Cipanas.
Aria   : Kumaha rea nu pariknikna ?
Diky  : Nya, rea oge, komo ka Kawah Putih mah, pamandanganna endah teh.
Aria   : Jam sabaraha balikna ?
Diky  : Sore. Da balikna nyimpang heula ka bumi nini di Ciwidey.
Aria   : Mana oleh-olehna ? Geuning teu mawa ?
Diky  : Bisi hoyong oleh-oleh mah balik sakola ka imah, nya ! Aya banderk geura, anu kasohor
 “Bandrek Abah” aya kaluwa jeruk.

21. Naon anu jadi topik paguneman di luhur teh ?
a.   Ningali pamandangan
b.   Piknik ka Cimanggu
c.   Ulin ka Pangojayan
d.   Rek aya pagelaran wayang

22. Dina wacana di luhur teh, saha nu piknik ka Cimanggu teh ?
a.   Galang
b.   Diky
c.   Aria
d.   Dadan

23. Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ....
a.   obrolan nu dilakukeun ku saurang
b.   tanya jawab nu dilakukeun di sakola
c.   obrolan keur di sakola
d.   obrolan nu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

24. Naon oleh-oleh ti Ciwidey ?
a.   Dodol jeung jeruk
b.   Kurupuk jeung kecap
c.   Kaluwa jerk jeung bandrek
d.   Tahu jeung opak

Baca cutatan dongeng ieu di handap, tuluy jawab pananya ti nomer 5 nepi ka nomer 6!
Hanjuang di Kutamaya

Ayeuna disebut Sumedang soteh, da baheula mah karajaan Sumedang Larang. Puseur dayeuhna di Kutamaya, di pingpin ku Prabu Geusan Ulun, turunan Raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi. Bisa disebutkeun yen Sumedang Larang teh gaganti atawa neruskeun Pajajaran, sabab mahkota Prabu Siliwangi ragragna ka Geusan Ulun.

25. Sumedang ayana di daerah ....
a.   Jawa Barat
b.   Jawa Tengah
c.   Jawa Timur
d.   Yogyakarta
26. Saha nu mingpin Sumedang Larang teh ?
a.   Gatot Kaca
b.   Kian Santang
c.   Prabu Geusan Ulun
d.   Prabu Siliwangi

27. Bedana dongeng jeung carita pondok mah ku sabab dina dongeng mah carita ....
a.   mahiwal
b.   pamohalan
c.   loba episodena
d.   panjang caritana

28. Dina dongeng mah kajadianana nyaritakeun kaayaan jaman ....
a.   kiwari
b.   ayeuna
c.   kaliwat
d.   baheula

29. Buku di simpen ... meja.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a.   dina
b.   kana
c.   kanu
d.   mana

30. “Melly ... kantin.”
Kecap pangantet pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a.   ka
b.   dina
c.   tina
d.   di luhureun

Baca pupuh ieu di handap, tuluy jawab pananya nomor 11 jeung nomer 12!

Magatru

Duh, hawatos ku dunungan nandang wujung
Pinuju galih prihatin
Di kantun ku buah kalbu
Siang wengi bati nangis
Salira colong rampohpoy

31. Sabada maca pupuh di luhur, watek eta pupuh teh nyaeta ....
a.   gumbira
b.   prihatin
c.   heureuy
d.   silih asih

32. Di wangun ku sabaraha padalisan pupuh di luhur teh ?
a.   8 padalisan
b.   8 engang
c.   5 padalisan
d.   5 engang

Baca sajak ieu di handap, tuluy jawab pananya nomor 13 jeung nomoer 16!

Haturan Ema

Ema ...
Andi moal ngarasula
Sanaos neda taya rencangna
Abdi sadar
Sanes Ema teu palay nyukakeun putra
Namung, panginten taya pasakeunana

Ema ...
Abdi moal ngarenghik
Sanaos sakola teu nyandak bekel
Abdi terang
sanes Ema teu kersa mekelan
Namung, panginten taya pasihkeunana
Ema, du’akeun abdi
Sing kahontal cita-cita
Hoyong nyukakeun Ema
Nu nyaah asih sajati

33. “Haturan Ema”. Haturan dina judul sajak di luhur hartina ....
a.   kanggo Ema
b.   kahoyong Ema
c.   cita-cita Ema
d.   pamenta Ema

34. “Sanaos abdi neda taya rencangna”. Rencangna dina eta kalimah hartina ....
a.   babaturan
b.   tatangga
c.   dulur
d.   deungeun

35. “Sanes Ema teu palay nyukakeun putra”. Nyukakeun dina eta kalimah hartina ....
a.   ngajakan
b.   nyenangkeun
c.   ngogo
d.   mikanyaah

36. Sajak  di luhur ngagambarkeun suasana anu ....
a.   sedih
b.   bungah
c.   biasa-biasa
d.   gumbira

37. Dina usum ... nu biasana aya kajadian urug teh.
a.   ngijih ( hujan )
b.   halodo
c.   paceklik
d.   dangdangrat

38. Poe anu geus kaliwat dua poe nyaeta ....
a.   kamari
b.   isukan
c.   mangkukna
d.   pageto

39. Resep ka Tiwi teh, sanajan geus jadi artis terkenal, angger we ....
a.   bodo katotolojoh
b.   buntut kasiran
c.   bodo alewoh
d.   handap sor

40. Kalimah anu bener undak-usuk basana nyaeta ....
a.   Pun biang teu tiasa dongkap, kumargi udur
b.   Pun biang teu tiasa sumping, kumargi udur
c.   Pun biang teu tiasa sumping, kumargi teu damang
d.   Pun biang teu tiasa dongkap, kumargi teu damang

23. Sajak kaasup kana karya sastra wangun ....
a.   puisi
b.   prosa
c.   ugeran
d.   sastra

24. Kekecapan dina sajak biasana ngandung harti ....
a.   saenyana
b.   denotasi
c.   konotasi
d.   saujratna

25. Sakitu anu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda dihapunten.
Ungkara basa di luhur biasana sok aya dina ....
a.   debat
b.   wawancara
c.   bubuka biantara
d.   panutup biantara

26. Kecap anu salah makena aya dina kalimah ....
a.   Iraha mulih ti Bandung, pa ?
b.   Pun biang wengi tadi teu damang repot
c.   Abdi udur tos sapuluh poe
d.   Enjing abdi bade mulih ka Sukabumi

27. Biantara biasana sok ditepikeun dina acara anu sifatna ....
a.   resmi
b.   santey
c.   ngobrol
d.   tanya jawab

28. Kekecapan atawa ngaran barang anu nuduhkeun kana hijibarang anu tangtu sarta dipake pikeun ngaganti barang nu dituduhkeunana, disebut gaya basa ....
a.   rautan
b.   ocon
c.   ngasor
d.   sindir

29. Dupi Bapa iraha bade mulih teh ?
Kalimah di luhur teh ngandung harti ....
a.   ngajak
b.   nanya
c.   marentah
d.   nyarek

30. Hutbah kudu komunikatif, maksudna ....
a.   ngagunakeun basa anu baku
b.   ngagunakeun basa anu merenah jeung jelas
c.   ngagunakeun basa gaul
d.   ngagunakeun basa nu modern

31. Maneh mah mapatahan soal mesin ka Insinyur mesin, sarua jeung ....
a.   goong nabeuh maneh
b.   hulu gundul dihihidan
c.   lodon kosong ngagelentrong
d.   mapatahan ngojay ka meri

32. Bi Nunun mah ginding ku barang meunang nginjeum.
Paribasa anu merenah pikeun ungkara kalimah di luhur nyaeta ....
a.   adean ku kuda beureum
b.   hulu gundul dihihidan
c.   banda tatalang raga
d.   mamatahan ngojay ka meri

33. Nu ngabedakeun surat resmi jeung surat pribadi nyaeta surat resmi mah sok make ....
a.   tanggal surat
b.   mesin tik
c.   kop surat
d.   amplop

34. Kacindekan hiji lalakon atawa nasehat pengarang dina drama disebut ....
a.   prolog
b.   epilog
c.   dialog
d.   monolog

35. Tempat lumangsungna hiji kajadian dina carpon disebut ....
a.   latar
b.   tema
c.   alur
d.   kronologis

36. Pilih mana anu kaasup kalimah resiprokatif !
a.   Dede jeung Ujang keur parebut cocoan
b.   Dudus keur make sapatu
c.   Mang Endang keur sibeungeut di pancuran
d.   Tatang gegetret wae titatadi

37. Nu dimaksud guru wilangan dina pupuh teh nyaeta ....
a.   tiap-tiap kalimah atawa jajaran nu ngawangun pada
b.   katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan
c.   katangtuan purwakanti sora dina tungtung padalisan
d.   pasipatan nu dipibanda ku hiji-hijina pupuh

38. Pasipatan anu dipibanda ku hiji-hijina pupuh disebut oge ....
a.   watek
b.   pada
c.   guru lagu
d.   padalisan

39. Eusi warta ... ku pendapat pribadi nu ditulis.
a.   ditambahan
b.   henteu ditambahan
c.   dianalisis
d.   dibungbuan

40. Manuk walet teh ... nyiripit semu langsing.
a.   sihungna
b.   bangusna
c.   jangjangna
d.   tulalena

Baca carita di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 42 nepi ka 43 !

NYIEUN KECAP

          Can kungsi aya dina cap botol kecap ditulis nomer dua, nomer tilu, jeung saterusna. salawasna nomer hiji. Pabrik mana wae pasti nyebutkeun yen kecap jieunanana minangka kecap nomer hiji, panghadena, jeung pangngeunahna.
          Bisa jadi nu daragang kecap mah moal ngarasa hariwang risi daragang kecapna mubajir jadi runtah, lantaran teu laku. Dagang kecap mah bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah butuh ku kecap.
          Teu kitu kumaha, lantaran loba kaolahan anu kudu make kecap. Nyieun sangu goreng, semur daging, orek tempe atawa tahu, jeung sajabana. Munasabah lamun kecap ge kaasupna minangka samara asakan “penyedap rasa” anu teu kurang perluna, teu beda jeung bawang, tomat, pecin, uyah, jeung nu sejenna.

         
41. Nu daragang kecap mah moal ngarasa hariwang daragang kecapna mubajir jadi runtah lantaran teu laku, ku sabab ....
a.   dagang kecap mah bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal mah butuh ku kecap
b.   dagang kecap mah moal rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah butuh ku kecap
c.   dagang kecap mah moal bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah butuh ku kecap
d.   dagang kecap mah bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah teu butuh ku kecap

42. Wacana di luhur kaasup kana pedaran ....
a.   eksposisi
b.   argumentasi
c.   narasi
d.   prosa

Baca cutatan novel di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 44 nepi ka 45 !

          Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling ka waktu bihari, waktu manehna hirup senang.
          Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang ngongkrong. Eh, naha ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”
         
43. Cutatan tina novel naon carita di luhur teh ?
a.   nu ngageugeuh legok kiara
b.   misteri haur geulis
c.   patepung di Bandung
d.   budak teuneung

44. Saha palaku utama dina novel “Budak Teuneung” teh ?
a.   Si Warji
b.   Si Emod
c.   Asep Omon
d.   Si Diran

45. Unsur-unsur nu aya dina novel nyaeta ....
a.   tema, palaku jeung watekna, galur, latar jeung amanat pangarang
b.   tema, palaku jeung ekspresina, galur, latar, jeung amanat pangarang
c.   wirahma, palaku jeung watekna, randegan, latar, jeung amanat pangarang
d.   lafal, palaku jeung randegan, galur, latar, jeung amanat pangarang

46. Salah sahiji ciri novel, nyaeta ....
a.   eusina pamohalan
b.   nyaritakeun asal-usul
c.   palakuna loba
d.   palakuna ngan ukur duaan

47. Kagiatan tukeur pikiran pikeun maham kana hiji pasualan nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan atawa solusina, nyaeta ....
a.   pedaran
b.   bahasan
c.   sawala
d.   biantara

48. Ari panumbu catur pancenna dina sawala nyaeta ....
a.   nyatet pasualan
b.   nepikeun pasualan
c.   nyieun kacindekkan sawala
d.   ngatur lumangsungna sawala

49. Tukang ngatur palaku jeung jalan carita dina pagelaran drama disebut ....
a.   dirigen
b.   ilustrator
c.   sutradara
d.   dalang




= Baca Juga =



1 Comments

Post a Comment

Previous Post Next Post